STATUS
Wanci
beuki nyerelek ka tengah peuting. Hanca pagawean teh tacan anggeus keneh wae
geuning. Sakitu panon geus rada belel molototan layar komputer ti saprak beres
solat Isya. Ah, mending tunda we heula da teu kuat geus cangkeul. Jeung geus
rada teu purun deuih. Isukan rek diteruskeunna. Pagawean mah moal nunuturkeun
ieuh.
Goledag
awak ngagoledag kana kasur. Ragamang leungeun nyokot HP nu geus meunang ngecas.
Sisinarieun geuning mani simpe teu aya nu ngasms-sms acan. Ka marana nya si
Andri, si Otong nu sok rajeun pisan ngiriman sms ngaco nu meunang nga-forward
tea. Sakapeung sok pikasebeleun tah smsna teh. Tapi nya lumayan oge ari nu
pikaseurieun mah, teu burung sok hayang ngabarakatak. Nu masih diinget ku
kuring salah sahiji smsna teh kieu:
Hayu urang nyandak pelajaran ti
alam Ghoib:
TUYUL, leutik-leutik geus bisa
ngala duit sorangan…. MANDIRI.
KUNTILANAK, susah senang tara
eureun-eureun seuseurian hihihihi…..SELALU OPTIMIS.
POCONG, bajuna angger tara
gonta-ganti…. SEDERHANA.
NYI RORO KIDUL, sanajan di laut
tara make bikini….SOPAN.
JAELANGKUNG, datang tak dijemput,
pulang tak diantar…..TARA NGAHESEKEUN BATUR.
Tuh,
pan aya-aya wae smsna teh.
Ari
si Enung, si Olin jeung si Yanti mah sok getol ngiriman sms mutiara teuing
meunang ti mana tah. Nu puguh mah eusina sok munel pisan loba pulunganeunana.
Ari smsna nu alus mah tara langsung dipupus, sok di-save heula ngarah aya
teang-teangeun. Da lumayan atuh mun keur teu parurun nanaoun, ari macaan sms
mutiara nu eusina motivasi mah, geuning sok rada sumanget deui. Geura we titenan
ieu eusi sms nu dikirim ku Olin:
Daun yang jatuh tak pernah MEMBENCI
angin.
Bahwa hidup harus menerima… dengan
penerimaan yang INDAH.
Bahwa hidup harus mengerti… dengan
pengertian yang BENAR.
Bahwa hidup harus memahami…..
dengan pemahaman yang TULUS.
Tak peduli lewat apa penerimaan,
pengertian dan pemahaman itu datang….
Tak masalah meski lewat kejadian
yang SEDIH dan MENYAKITKAN….
Kitu
geuning, rupa-rupa pisan tingkah paripolah babaturan teh. Tapi nu puguh mah
bungah we asa haneuteun boga babaturan teu weleh ngahubungan sanajan maranehna
boga kasibukan sewang-sewangan oge. Ayeuna sms we kitu ku kuring? Ah, tapi
karunya geus peuting teuing bisi geus sarare. Mending muka pesbuk, ongkoh geus
lila tara muka-muka.
Truk
trek truk trek, leungeun mencetan tombol HP. Berebet kakaca pesbuk muka. Euleuh
geuning mani loba nu menta dikonfirmasi hayang berteman. Jadi memeh nempoan
status batur mending konfirmasian we heula, karunya…
Beres
ngonfirmasian, kuring macaan status nu geus aya. Rek ngomentaran mun aya nu
rame mah. Tapi tepi ka kakaca handap, asa teu aya nu perlu dikomentaran. Malah
asa loba keneh nu lebay batan nu serius mah. Atuh mending nyieun status we ah, hayang nyaho
aya nu ngomentaran ta henteu engkena.
Kuring
ngahuleng sajongjonan. Neangan ide keur nyieun status. Jorelat aya ide, asa
alus yeuh mun ditaekkeun kana pesbuk sabab ieu mah datangna tina hate, estuning
lain ukur lebay atawa hayang gagayaan. Terektek we kuring nulis…
Aku punya cinta
Yang dengannya aku
hidup…
Dengannya aku kuat…
Dengannya aku tertawa,
menangis,berbagi…
Dengannya aku
berjuang…untuk sesuatu yang ingin kuraih…
Dengannya tiadaku
menjadi ada…
Dengannya mustahilku
menjadi mungkin…
Dengannya pula aku akan
mati….
Menemui cinta
sejatiku….
Beres.
Klik kuring mencet tombol, bagikeun… Keun hayang nyaho aya nu komentar atawa
minimal ngaklik suka ta moal. Tapi da ketang, teu hayang-hayang teuing
dikomentaran. Ieu mah curhat we, ngedalkeun eusi hate. Meungpeung keur rada
reugeujeug hehehe…..
Bari
nungguan komentar, kuring mukaan heula google. Neangan berita naon nya? Ah
enya, hayang nyaho mobil esemka ah. Lain nanaon, kuring ngarasa reueus, barudak
SMK urang geus mampuh nyieun mobil sorangan. Pan hebat lin?
Dina
berita pangluhurna eces ngajeblag: “Mobil esemka telah mengundang apresiasi
dari banyak pihak. Indent mobil ini telah mencapai 5000 unit. Pemerintah diharapkan
untuk mengakomodasi dan memfasilitasi agar mobil ini bisa segera diproduksi secara
massal.”
Tuh,
geuning mani geus loba kitu nu hayang make mobil esemka. Geus sakuduna
pamarentah ngajungjungkeun ka produksi hasil karya budak bangsa sorangan. Ulah
tepi ka aset jalma Indonesia nu palinter teh kalah ka dimangpaatkeun ku luar
nagri sabab sasatna dimomorekeun di nagara sorangannana mah.
Ti
mobil esemka, tuluy mukaan berita kana pesawat nu sarua keneh buatan budak SMK,
ngan ieu mah di Bandung. Tapi eusi beritana asa rada matak heneg saeutik,
pajarkeun teh “Pesawat buatan anak-anak SMK di Bandung telah berbulan-bulan
teronggok menunggu izin terbang yang tak kunjung didapatkan.”
Haruh….,
kumaha atuh masalah idin wae ge mani hese. Kuduna mah tuluy dibere fasilitas pikeun
kamajuan tehnologi bangsa teh ambeh teu beuki jauh tinggaleun ti bangsa
deungeun. Bere peluang barudak palinter nu bisa ngangkat ajen bangsa di mata internasional.
Ajen bangsa nu geus rawing dijejewet disasaak ku koruptor. Pan reueus lin mun
urang milu makalangan dina hal tehnologi di antara nagara-nagara di dunya. Entong
dina masalah korupsi we bangsa urang meunang juara teh.
Teuing
kumaha tah korupsi bet mani beuki meuweuh we ti taun ka taun. Para koruptor
siga geus leungit kaera. Beuki pagede-gede nilep duit nagara duit rahayat.
Perkara gampang KPK mah. Hukum ceuk manehna bisa dibeuli. Korupsi milyar-milyar
malah triliun-triliun tapi dihukum panjara paling ukur lima taun dalapan
taun. Di
panjarana teu susah teu sing keur maranehna koruptor nu loba duit ladang
maling duit rahayat mah. Ruang panjara nu kuduna mah nya heureut nya sumpek,
bisa disulap jadi rohangan mewah satarap hotel bintang lima. Malah aya nu make
salon pribadi dokter pribadi. Atawa mun hayang pelesir ka luar nagri gampang
deuih. Teuing kumaha carana nu jelas mah aya nu bisa jalan-jalan ka pantai, aya
oge nu bisa lalajo tenis di stadion, jeung rea-rea deui kalakuan para koruptor
nu araraheng.
Ah,
rieut mikiran koruptor, mending balik deui we kana pesbuk. Klik, asup ka
beranda. Aeh geus aya nu ngomentaran geuning kana status nu bieu tea. Padahal
can kungsi sapuluh menit. Tetela batur ge aya nu keur on line dina mangsa
janari ngagayuh ka isuk jiga kieu. Teu kurang ti limaan nu ngomentaran, dua
urang nu ngacungkeun jempol alias suka. Hag siah, payu geuning status teh.
Cikan, naon wae komentarna….
Komentar pangluhurna ti Yoga Van Sukoco,
babaturan SMP nu geus lila cicing di Bandung. “Satuju…….”, ceuk manehna ukur
sakitu teu kurang teu leuwih.
Handapeunna
aya Abina Adzkia, komentarna singget deuih, ukur “deuuu….. nu gaduh cinta….”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar