Senin, 07 Mei 2012

CARPON

KUMALAYANG
Randeg, kuring ngarandeg sakeudeung. Ngadon ngajanteng bari luak lieuk ka sisi ka gigir. Hate wuwuh beuki bingung na di mana ieu teh. Ka mana suku mawa ngalengkah? Geuning kuring bet aya di tempat nu hara-haraeun. Ngasruk di jero leuweung luwang liwung, kukurusuk dinu bala, tatarabas ka tempat nu hara-haraeun.
Ret kuring ngareret ka beulah kenca. Akar caringin pajurawet, tangkalna jangkung ngajungkiring geus janggotan, daunna ngarumpuyuk moekan sabudeureunna. Teu pati jauh di gigireunnana, harendong ngajajar gugumplukan. Kembang paselang jeung buahna rampak balungur ting pecenghul tina sela-sela daunna.   
Suku terus ngalengkah ngaliwatan areuy rarambatan. Leungeun nyuay-nyuaykeun dangdaunan nu ngahalangan. Kalakay garing nu mayak dina liliwatan tingkeresek katincak suku nu beuki gancang dilengkahkeun. Awak karasa hararampang duka pedah ku naon. Sakapeung titatarajong kana batu nu buni ku kalakay tapi kebat we da hayang geuwat kaluar ti ieu leuweung. Teu pati dirasa suku nu nyaksak garateul, kawasna mah ngagasrik daun sareni.
Jigana teu kungsi sapanyeupahan jambe, kuring anjog ka hiji mumunggang. Tetempoan plung plong ka ditu ka dieu. Lempeng di hareupeun kuring mayakpak sampalan nu pinuh ku kekembangan  nu meujeuhna mangkak. Ting arudat sagumpluk-sagumpluk. Aya nu bungur, koneng, kayas jeung beureum. Estuning ku  matak was. Seblak hate kuring pak seblak nempo kaendahan nu rarasaan mah ngan ukur kaalaman dina impian.
Kuring tanggah ka luhur. Nempo mega barodas nu mayungan langit. Liuh geuning langit teh teu moreret ku srangenge. Jigana nyamuni di satukangeun lalangse mega. Kuring neleg ciduh nu karasa mani tuhureun. Leumpang nyorang leuweung nu tadi teu burung matak hanaang. Luak lieuk kuring neangan susuganan aya cinyusu nu bisa ngabaseuhan tikoro sangkan aya tanaga pikeun neruskeun lalampahan.
Breh di kajauhan katembong aya kalangkang cai nu ngagurilap. Teu talangke kuring muru ka eta tempat bari rusuh. Napas ngahegak, kesang ngagarajag maseuhan baju bubuhan geuning ari disorang mah rada jauh oge. Teu siga katempo ti kaanggangan nu bangun deukeut. Tapi da ari dikeureuyeuh mah teu burung nepi, sanajan sakapeung mah leumpang nikreuh bakating ku cape.
Nu katempo ti kaanggangan teh sihoreng hiji talaga anu kacida asrina. Caina herang ngagenyas, dipasieup ku batu lalempar di sisi talaga. Rupa-rupa lauk patingsoloyong di tengah talaga. Tarate mangkak nembongkeun kembangna nu kayas jeung bodas estu matak narik kana ati. Cindekna kaayaan eta talaga teh wuwuh matak pikabetaheun.
Teu werat ku hanaang, kuring diuk andiprek di sisi talaga. Cai talaga nu herang tur tiis disiuk ku dua leungeun. Regot kuring nginum.
“Anaking, make batok geura nyiukna……”
Gebeg kuring ngagebeg sataker kebek. Aya sora di satukangeun. Sorana agem tapi teu matak pikasieuneun. Na saha atuh nu aya di tempat ieu?
Lalaunan sirah ngalieuk ka palebah datangna sora. Breh, teu pati anggang di tukangeun kuring aya aki-aki nu nyerangkeun. Buukna bodas, janggotna panjang. Sarua warnana bodas deuih. Make pakean sing sarwa bodas disalendangkeun kana taktakna. Rarayna siga cahayaan.
“Aaaaki…sssahaa….,” kitu nu engab tina biwir. Can pati kumpul pangacian bakat ku kaget. Asa reuwas kareureuhnakeun.
“Yap, kadieu anaking… urang di saung aki geura ngareureuhna ngarah rineh.” Pokna bari ngagupayan.
Kuring kakara rut ret ka ditu kadieu. Tadi mah teu pati malire kana kaayaan di dinya da bakat ku hanaang. Sihoreng aya saung leutik camperenik nu dijieun tina kai nu perenahna rada kaiuhan ku tatangkalan. Suku hideng ngalengkah nuturkeun si aki nu geus leumpang tiheula muru ka saungna.
Gek si aki diuk dina samak saheulay, kuring ge milu diuk rada di juru. Si aki nyician cai tina kendi nu geus nyampak di dinya kana batok nu herang mani lusnir. Song, batok diasongkeun ka kuring. Ragamang kuring narima batok. Najan rada asa-asa, cai tuluy regot diinum da tadi mah teu kebat nginum teh kagareuwahkeun ku sora si aki.
Selesep tiisna cai ngubaran tikoro nu tuhureun. Awak karasa ngadak-ngadak jagjag teu sakara-kara. Kareuwas geus sirna, kaganti ku rasa tumarima kana kahadean si aki.
“Aki teh saha atuh? Ku naon bet aya di dieu?”, kuring ngedalkeun kaheran nu minuhan dada.
Gelenyu si aki imut.
“Teu kudu nyaho aki saha. Ngan anaking….., regepkeun yeuh aki rek mere piwuruk.”
Kuring menerkeun sila, tuluy neuteup si aki ngadagoan caritaan satuluyna.
“Anaking, urang hirup di dunya teh ukur darma wawayangan. Kudu inget asal ti mana balik ka mana. Ulah sok kabawa ku sakaba-kaba. Kudu inget ka purwadaksina. Tong poho nunuhun ka Nu Kawasa nu ngayuga urang beurang jeung peuting. Urang mah sagala tuna, taya kaboga taya kabisa. Mungguhing renghapna napas urang ge estuning ku welas asihna Pangeran…”
Si aki ngarandeg sakedapan. Aya rasa nu nyaliara na jero dada kuring rumasa hirup teh loba dosa, loba ngagugulung napsu.
“Kahayang manusa mah moal aya tungtungna. Boga hiji hayang dua, boga dua hayang tilu… tuluy saterusna tepi keun ka datang mangsa titis tulis ti ajali balik ka bali geusan ngajadi. Geus kitu mah rasa hanjakal, niat rek tobat geus moal aya hartina. “ ceuk si aki bari ngusapan janggotna.
Kuring wuwuh tungkul ngayonan rasa nu ngagalura. Ngaregepkeun papatah si aki pinuh ku karumasaan.
‘Ayeuna mah, anaking…, jung geura balik ka tempat asal. Bebener laku lampah nu salah, sing heman ka sasama. Tulung tinulungan jeung pada batur da moal aya manusa nu bisa hirup nyorangan. Tapi kudu cekel masing pageuh papagon agama. Kade ulah wani-wani ngarumpak lamun hirup hayang salamet dunya aherat. “, ngagalindeng sora si aki estu nyerep kana lelembutan. Awor dina rupa-rupa rasa.
Kuniang si aki nangtung. Nyokot bungkusan ti jero pangkengna. Tuluy nyampeurkeun deui ka kuring.
“Yeuh, aki mere baju nu gede hasiatna. Ku kersaning nu Kawasa, baju ieu bakal mawa hidep balik ka tempat asal. Ngaranna baju Bondet. Rap geura pake ku hidep. Ngan poma hidep ulah rek ngalieuk ka tukang… ”
Si aki ngabeberkeun baju. Kuring cengkat, jung nangtung. Rap, baju Bondet tatambalan pamere si aki dipake ku kuring.
Hiuk… aya angin ngagelebug tarik naker barang kuring rengse make baju. Kalayang awak kabawa angin puyuh lilimbungan mumbul mingkin luhur. Katembong si aki gugupay bari imut anteb. Beuki lila beuki jauh, tungtungna les wae sama sakali teu katempo ku kuring.
Kuring ngajaul ka awang awang. Awak karasa hampang. Di sakuriling kuring mega bodas mayakpak lir kapas. Leungeun tipepereket ngeumbing kana baju Bondet pamere si aki. Dadak dumadak kuring hayang nempo deui ka si aki nju tadi. Lieuk, kuring ngalieuk ka tukang…..        
Ana gubrag teh kuring murag ti jomantara. Awak karasa remuk ninggang kana taneuh. Gustiiii, abdi tulungan…
Bray panon beunta. Rut ret ka sakuriling… na geuning kuring aya di di imah. Diriung riung ku ema jeung ku abah. Malah adi kuring oge araya kabeh. Ua, mamang bibi… Har naha mani lobaan kieu?...Kunaon ngaringhak deuih?...
“Abah…, tuh si aa gugah…”, sora adi kuring nu bungsu tarik naker.
Sarerea ngalieuk ka kuring. Gabrug, ema ngagabruk awak kuring. “Alhamdulillah…” cenah bari ngabangingik.
Kuring hareugeueun. Can pati ngarti naon nu tumiba ka diri kuring….

                                                                                                                        )*Panineungan,Mei 2012.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar